SATAPAK KAHIRUPAN
Oleh Sri Mulyani
Hariring angin peuting
Haleuang angin beurang
Ngareret ka lebah girang
jalan satapak keur d sorang
Hirup teh henteu ringan
Sok loba tantangan
Ulah ukur di pikiran
Tapi kudu di singareupan
Hirup lain biantara
Bisa di talar di baca
Tapi hirup rahasia
Teuing kumaha ka hareup na
Hirup lir ibarat jalan
Pungkal pengkol loba tikungan
Aya mudun aya tanjakan
Aya oge pancengkadan