CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA
Oleh Yogie Zamzam
Rundayan carita mangsa harita
Masih natra dina rasa
Tatali asih nu mengket pageuh
Nepi ka kiwari tetep euntreup
Kawas si leugeut teureup
Katresna teu ilang singray
Najan umum rek nepi ka kubur
Kasono teu weleh pogot
Najan jiwa geus teu deui ngora
Duh gusti nu maha welas tur asih
Jagi tali rabi abdi dugi aki nini
Teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri
Nyai panutan akang
Kasatiaan modal utama
Ulah nepi ka dirogahala
Ku pangaruh dunya nu kadang mawa sengsara
Kabagjaan lain di ukur ku loba brana
Lain di hias kureunceumna mas
Kabagjaan pasti nyaangan urang
Mun iman jeung takwa jadi sareat urang
Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna
Urang jaga ulah nepi kasirna
Sangkan urang tetep waluya
Nepi ka pantona surga
Amin...
