Pepeling Oleh Ato Paskal

PEPELING
Oleh Ato Paskal

Geulis, omat regeupkeun
Hirup ngan ulah ukur ngan ngagugu kahayang
Lantaran satungtung jaman,
kahayang moal aya cacapna...

Geulis, hirup hidep kudu luyu
kana papagon agama
sangkan bagja tur waluya kabawa
tangtuna bisa ngaluhungkeun darajat Bapak jeung Ema

Geulis sing saringsing pageuh kancing
ulah kaolo ku ucing gering
nu mepende kusagala pamere
sabab eta teh bungaok nu resp ngarontok

Geulis, tiru Ema hidep
Ciri istri nu sajati aya natra dina diri Ema
Ngawula ka Bapa pinuh ku rasa katresna
Tara ngarasula najan banda saayana

Geulis, campernik lain diukur ku rupa
tapi ku paripolah nu merenah
Nyaah kasahandapeun, ngjenan ka sasama
tur hormat ka salujureun
Akhlak Agama eta koncina..