Tubagus Dakka Karya Moddi Madiana

TUBAGUS DAKKA
Karya Moddi Madiana

Rĕngsĕ nyindekeun sibungsu Maĕswati Asmayawangi lebah Cikundul
Ki Bagus Dakka ngandika ka sang rai, Bagus rangin
mimiti poĕ ieu,wayahna urang papisah
engkang rĕk ngĕnca muru lamping kalĕr tangkuban parahu
jug geura lumaku katatar wĕtan priangan
ulah nyabeulah tina kecap jeung uratna bismillah

Di lamping kalĕr,
ngaruat jagat ngarumat adat
mapatkeun sahadat jeung shalawat
nyorang hakĕkat ku sarĕ’at
nyusud ajĕn ma’rifat ku raketna tarĕkat

Ki Bagus Dakka.
Ngababakan di sarakan anyar
Nyaung-nyaung sisi wahangan
Nandĕan cai nu ngagenclang ku jolang
Geusan susuci muru pangwarid ku wirid
Leukeun meuseuh angkeuhan
Miceun daweung kuageman
Netepkeun karep kataqwaan
ngajembarkeun sukma sajatining diri ka Illahi

Lampah merenah jadi pataklidan
kahot lain pĕdah kolot
digjaya teu lantaran pangabisa
sabar jadi ubar, tawakal mangrupa akal
ngaderes karahayuan ka dulur di unggal lembur
ngalarapkeun amanat Kangrama
“ Dia mudu geus tarapti kana harti kakasih Illahi ulah deuk nyempad kana lafad
geura gero jerona warro
dina tapak jeung lacak mĕmĕh kiamah “

Subang, Tengahna Mulud 1430 H