Kisundan Digjaya Karya Moddi Madiana

KISUNDA DIGJAYA
Karya Moddi Madiana

Bejakeun ka srangĕngĕ nu meletĕk saban janari
Kami datang ti handapna handap rĕk muru luhurna luhur
Seja nĕang jeritna langit sugan kapulung palung
nu ngagulung ditutung balung
Hĕy rajana beurang…………………………..
Kadieukeun panon panĕnjo,kadieukeun leungeun paneunggeul
Geura sampakeun pakarang perang
Kami rĕk balitungan maragat nyawa sang dajal
Sina ngababatang lir babadak
Teundeun kasieun singlar kamelang
Nguyup patidiri seja matri kawani
Demit berewit geura nyingkah ……………………
Ngaing rĕk miang muru tungtung deuleu
Tong boro ukur dicangcang raga
Najan dicacag diwalang-walang kami moal rĕk hariwang
Sabab kami boga kĕnĕh rasa anu salawasna bakal ngajomantara
Geura papag mangsana Kisunda digjaya
Mun geus kapurak ucap boa
Ngaing bakal mulang bareng jeung datangna beurang

Hotel Marbella Anyer Banten 27 Juli 2010 dina lolongkrang Kongres Paguyuban Pasundan ka 41