Naha, Cenah Oleh Moddi Madiana

NAHA, CENAH
Moddi Madiana

Cenah Walanda nu ngaranjah lemah kungsi diusir
Cenah Jepang nu ngarogahala kungsi diala jiwana
Cenah Inggris nu ngajejewět nagara kungsi disasaak
Cenah kominis nu ngotoran sarakan kungsi dipĕrĕnan

Naha atuh kiwari,
Nu ngaranjah beuki rongkah
Nu ngarogahala beuki tohaga
Nu ngajejewĕt beuki awĕt
Nu ngotoran beuki sohor

Sanggeus urang Merdeka. !
Moddi Madiana
Subang, 17 Agustus 2011 Jam. 01.15 bada renungan suci