Nyi Dewi Sang Hyang Seri Oleh Moddi Madiana

NYI DEWI SANG HYANG SERI
Oleh Moddi Madiana

Nyi Dĕwi
Pelak Ambu ti kahyangan
Dipalĕ jampĕ pamakĕ
Ti hiji jadi harti
Saranggeuy mawa geuhgeuy
Diraksukan jarami nyari, disalendang hĕjo mawa sono
Nyi Dĕwi sidĕngdang jadi sawangan
Ngadampal amparan jagat
Sajagat kariksa rasa

Trung kentrung, ngelentrung disaung lisung
Ngudar raksukan sang dĕwi, nyacas bodas ngaras bĕas

Nyi Dĕwi, ulah nangis
Geusan nyorang titis tulis
Sing rido karĕrab kahaseupan
Khatam dawam, tapa luhureun hawu
Sangkan asak pangeusi awak

Sari anjeun jadi daging
Nu ngaping tulang jeung sumsum
Asih anjeun ngajirim beubeureum getih
Minangka wiwaha pulas kasuka
Komara rasa jadi cahya
Nyaangan lampah ku lĕngkahna
Deukeut paneuteup jero panĕnjo
Geusan nanggeuy angkeuhan maneuh

Trung kentrung ngelentrung panyaur nu luhung
laku manggih tungtung
Mangsa wanci jadi ciri nyorang pipir takdir

Laa Ilaha Ilallah Muhammad Rasulullah.

Subang, wanci janari 7 Maret 2009